Friday, September 30, 2005

myqers kuningan

Sep 2005, 10:18:17 #54
nokdesi
Aktivis MyQ


Tgl. Bergabung: 12 Aug 2005
Lokasi: Jakarta
Posts: 951

Manawi kedah dikawihan ku akhi irvan.
Ambeh para kuninganers kagugah kararas hate.

Mangga buka ku manganti.
"Assalamualaikuuuuuummmm........para wargi urang kuningan.
Iyeuh abdi pun irvan bade noroweco sugan kataji..............."

Ayeuna ku kidung pagentra.
"Hayu atuh ka sami urang balareaaaaa aaa aaaa aaaaaa.....
(ulah panjang teuing aaa aaa na bilih pada sawan)
Sok atuh hedep pada ngaaaaaampiiih di Myqers Kuniingaaan."

Ayeuna tutup ku gurindam laras pelog.
"Ueeekekekekekek sima aing sima maung lodaya.
Lain aing dilebok kusia tapi sia lebokeun aing.
Pada nyingkah........pada nyingkah......pada nyingkah.

Tah kitu aa irvan, hayuh atuh ngopi bari ngaboled deuih.
Bari aa ngetang jero manah ti hiji tug dugi kasajuta.
Sugan ki Sunda karunyaeun ka aa.
Ngan omat2an desi mah ka aa, kade aya meong congkok.
Baledog bae ku delan menang meuleum dikincaan nya aa.
Tapi namina oge ihtiar sugan laris manis tanjung kimpul.
Sanes kitu aa irvan. (kasep oge moderator hiji ieu mah)

No comments: